Cuek saja! Anda tidak perlu takut salah ketika menyunting atau membuat halaman baru, menambahkan atau menghapus kalimat. Pengurus dan pengguna lainnya akan dengan mudah membantu mengembalikannya.
Bagea, Ambu... Punten, 'halaman pengguna' mung tiasa dieusian ku pedaran saperluna ngeunaan pengguna katut sababaraha hal nu sakirana perlu anu patali jeung kontribusi pengguna di Wikipedia. Anu dilebetkeun samemehna dianggap teu kaci ku pangurus. Usulan abdi, di eta kaca sebatkeun bae saha Ambu, teras interes atanapi item-item anu sakirana bade digarap ku Ambu.
Kanggo pangdeudeul, mangga cobi buka kaca Wikipedia:Pengantar. Di dinya aya sababaraha embaran nu nungtun kana sagala rupa cara ngeunaan nulis di Wikipedia. Sakitu bae heula. Nuhun pisan. Mangga dilajeng... --kandar 17:29, 7 Juli 2008 (UTC)